Lirik Lagu Pancuran Cinta - Yayan Jatnika


Tah didieu di jalan satapak
Urang kungsi meungkeut jangji
Bari ngumbar katresna
mukakeun lambar carita

Tah didinya di pancuran cinta
Tempat urang mapag rasa
Silih simbeuh kadeudeuh
sangkan cinta meungkeut pageuh

Hérang caina
Gambaran cinta
Ngungkapkeun lawang
Sagara cinta

Bulanna béntangna
Éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna mégana
Jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Bulanna béntangna
Éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna mégana
Jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Tah didieu di jalan satapak
Urang kungsi meungkeut jangji
Bari ngumbar katresna
Mukakeun lambar carita

Tah didinya di pancuran cinta
Tempat urang mapag rasa
Silih simbeuh kadeudeuh
Sangkan cinta meungkeut pageuh

Hérang caina
Gambaran cinta
Ngungkapkeun lawang
Sagara cinta

Bulanna béntangna
Éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna mégana
Jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Bulanna béntangna
Éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna mégana
Jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Bulanna béntangna
Éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna mégana
Jadi simpay katresna
Mugia sing salamina




0 Response to "Lirik Lagu Pancuran Cinta - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts