Lirik Lagu Taeun - Darso


Buntang banting nyiar duit beurang peuting
Ngalembur nepi ka gering mélaan taeun
Kahujanan kapanasan kaanginan
Unggal usik nyeri cangkéng mélaan taeun

Nyiar duit pahibut ukur keur taeun
Ngoprot késang hareudang ukur keur taeun
Pusing tujuh kuriling mikiran taeun
Sagala ukur keur taeun mélaan taeun

Ampir kabéh lalaki di alam dunya
Digawé satékah polah mélaan taeun
Anu kuli anu supir anu hansip
Anu dagang jeung nu maling mélaan taeun

Bisa jagjag waringkas mun seubeuh taeun
Bisa leuleus ngalempréh lantaran taeun
Loba jalma nu paéh lantaran taeun
Teu manggih kéjo sapoé nu ngerebek taeun

Omat omat montong waka ngeres
Tong waka nyangka cawokah
Omat omat montong waka ngeres
Da kuring mah ngomongkeun beuteung

Buntang banting nyiar duit beurang peuting
Ngalembur nepi ka gering mélaan taeun
Kahujanan kapanasan kaanginan
Unggal usik nyeri cangkéng mélaan taeun

Nyiar duit pahibut ukur keur taeun
Ngoprot késang hareudang ukur keur taeun
Pusing tujuh kuriling mikiran taeun
Sagala ukur keur taeun mélaan taeun

Ampir kabéh lalaki di alam dunya
Digawé satékah polah mélaan taeun
Anu kuli anu supir anu hansip
Anu dagang jeung nu maling mélaan taeun

Bisa jagjag waringkas mun seubeuh taeun
Bisa leuleus ngalempréh lantaran taeun
Loba jalma nu paéh lantaran taeun
Teu manggih kéjo sapoé nu ngerebek taeun

Omat omat montong waka ngeres
Tong waka nyangka cawokah
Omat omat montong waka ngeres
Da kuring mah ngomongkeun beuteung




0 Response to "Lirik Lagu Taeun - Darso"

Post a Comment

Popular Posts