Lirik Lagu Bandung Ciparay (Calung) - Darso


Mobil angkot jurusan Bandung Ciparay
Batan kurang kalahkah beuki nambahan
Moal susah mun urang indit inditan
Kari megat ngajanteng di sisi jalan

Akang supir ngajalankeun rurusuhan
Kulantaran di udag udag setoran
Sakapeung susah lamun tiiseun penumpang
Keur setoran sok rajeun teuing nombokan

kapegat macét mobil angkot sésélékét
Antayan panjang penumpang lamokot késang
Teu kudu macét lamun nurutkeun aturan
Teu kudu macét lamun jalan di lébaran

Kain deui penumpang nu bobogohan
Lamun macét asa aya kasempetan
Kahayangna lila nepi ka tujuan
Asa anteng ngeunah lila réréndéngan

Mobil angkot jurusan Bandung Ciparay
Batan kurang kalahkah beuki nambahan
Moal susah mun urang indit inditan
Kari megat ngajanteng di sisi jalan

Akang supir ngajalankeun rurusuhan
Kulantaran di udag udag setoran
Sakapeung susah lamun tiiseun penumpang
Keur setoran sok rajeun baé nombokan

Kapegat macét mobil angkot sésélékét
Antayan panjang penumpang lamokot késang
Kapeugat macét penumpang asa hareudang
Kapegat macét pan supir ambek ambekan
Kapegat macét penumpang asa hareudang
Kapegat macét pan supir ambek ambekan




0 Response to "Lirik Lagu Bandung Ciparay (Calung) - Darso"

Post a Comment

Popular Posts