Lirik Lagu Garut Tasik - Yayan Jatnika


Namina Rahma wedalan Garut
Hapsari Tanjung Kamuning
Geulis campernik lir prameswari
Nu midang ti kahiyangan

Pamenteu marahmay manis
Kulitna héjo carulak
Bagja mun menangkeun anjeunna

Duh... disinjang léréng Garutan
Dicindung kembang bodasan
Da mémang anjeunna ti pasantrian

Duh... lungguh timpuh nurug cupu
Langgéor seungit malati
Dipigarwa nonoman sanding

Gandeuang istri saléha
Raksukan batik garutan

Geulis campernik lir prameswari
Nu midang ti kahiyangan

Pamenteu marahmay manis
Kulitna héjo carulak
Bagja mun menangkeun anjeunna

Duh... disinjang léréng Garutan
Dicindung kembang bodasan
Da mémang anjeunna ti pasantrian

Duh... lungguh timpuh nurug cupu
Langgéor seungit malati
Dipigarwa nonoman sanding

Gandeuang istri saléha
Raksukan batik garutan




0 Response to "Lirik Lagu Garut Tasik - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts