Lirik Lagu Néng - Hendy Restu


Mimiti tepang langsung nyantél na ingetan
Panceg yakin dina ati
Nu geulis jodohna diri

Saré teu tibra
Dahar gé henteu mirasa
Rumasa kagoda ku simanehna

Ti peuting ka impi-impi
Bray beurang ka bayang-bayang
Emut waé ka nénéng pujaan haté

Patepang deui di pengkolan nu kamari
Ku anéh jeung asa ngimpi
Manéhna jol ngajak seuri

Ku bolohona kuring teu wasa nyarita
Kawani gé sirna teu walakaya

Meureun memang diri kuring mihareup teuing salira
Nu can tangtos salira ogé micinta

Neng kembang impian tilam lamunan
Teu weléh ngalangkang
Neng kamelang akang
Sok sieun nénéng teu kabandang

Neng akang nyorangan
Kapéngpéongan ku cinta salira
Neng ukur salira anu dicinta salamina

Patepang deui di pengkolan nu kamari
Ku anéh jeung asa ngimpi
Manéhna jol ngajak seuri

Ku bolohona kuring teu wasa nyarita
Kawani gé sirna teu walakaya

Meureun memang diri kuring mihareup teuing salira
Nu can tangtos salira ogé micinta

Neng kembang impian tilam lamunan
Teu weuleh ngalangkang
Neng kamelang akang
Sok sieun nénéng teu kabandang

Neng akang nyorangan
Kapengpeongan ku cinta salira
Neng ukur salira anu dicinta salamina




0 Response to "Lirik Lagu Néng - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts