Lirik Lagu Kangen - Yayan Jatnika


Pikiran nyawang hariwang
Batin manteng kanu lawas teu patepang
Duh jungjunan kembang haté nu paanggang
Teu weléh némbongan dina lamunan

Kamelang teu ilang ilang
Ngalimpudan dina jero lelembutan
Lir nyimbutan haté anu eukeur ringrang
Sumoréang ngémutan kembang impian

Akang melang akang ringrang
Ka salira duh jungjunan
Bongan urang langka tepang
Ku asa tambih hariwang

Pikir anteng batin manteng
Rasa pinuh ku ka kangen
Ka salira duh jungjunan
Anu anggang langka tepang

Kamelang teu ilang ilang
Ngalimpudan dina jero lelembutan
Lir nyimbutan haté anu eukeur ringrang
Sumoréang ngémutan kembang impian

Akang melang akang ringrang
Ka salira duh jungjunan
Bongan urang langka tepang
Ku asa tambih hariwang

Pikir anteng batin manteng
Rasa pinuh ku ka kangen
Ka salira duh jungjunan
Anu anggang langka tepang

Ka salira duh jungjunan
Anu anggang langka tepang




0 Response to "Lirik Lagu Kangen - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts