Lirik Lagu Santolo - Darso


Di palebah awas sagara
Boa anjeun nyawang ti kaanggangan

Handapeun karang nu itu
Anjeun méré kecap keur antieun
Sumping deui cenah waktu laut surut
Mata poé ngalamot laut
Dumadak kapaut imut

Santolo cilaut eureun
Kasono teu eurun eureun
Rancabuaya nyieun tapak tapak cinta
Nu ayeuna anjeunna teuing dimana

Sok hayang jadi pamayang
Hayang ngecrik kadeudeuh anjeun
Dina parahu cinta anu urang
Anteng ngangkleung dina sagara katresna

Duh paduduaan duh salalamina

Handapeun karang nu itu
Anjeun méré kecap keur antieun
Sumping deui cenah waktu laut surut
Mata poé ngalamot laut
Dumadak kapaut imut

Santolo cilaut eureun
Kasono teu eureun eureun
Rancabuaya nyieun tapak tapak cinta
Nu ayeuna anjeun teuing di mana

Sok hayang jadi pamayang
Hayang ngecrik kadeudeuh anjeun
Dina parahu cinta anu urang
Anteng ngangkleung dina sagara katresna



Duh paduduaan duh salalamina




1 Response to "Lirik Lagu Santolo - Darso"

Popular Posts