Lirik Lagu Sakur Ngimpi - Darso


Saprak anjeun ngaléos
Ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nunggeulis
Haté mararinggis

Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajét cinta urang
Pikiran baluweng
Pinuh ku émutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawa ngilu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyésa
Teuing kamana

Létah teu mirasa
Sagala karasa pait
Saré gulang guling
Hésé peureum

Kahayang mah ieu téh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu téh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan

Ngahelas kaleungitan
Ngoréjat seseblakan
Lieuk euweuh lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep - ngarep sakur ngimpi
Ngarep - ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun

Létah teu mirasa
Sagala karasa pait
Saré gulang guling
Hésé peureum

Kahayangmah ieu téh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu téh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan

Ngahelas kaleungitan
Ngoréjat seseblakan
Lieuk euweuh lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep - ngarep sakur ngimpi
Ngarep - ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun




0 Response to "Lirik Lagu Sakur Ngimpi - Darso"

Post a Comment

Popular Posts