Lirik Lagu Ibarat Kembang - Yayan Jatnika


Ibarat kembang nu ligar di taman
Seungit nyambuang awun awunan
Jadi pujaan diantara kumbang
Kumbang nu kasmaran loba nu kabandang

Ayeuna kembang geus layu
Teu aya nu malire deui
Daunna tos ngarangrangan
Marurag marurag jadi kalakay

Karunya pisan
Duh nasib kembang
Tos ilang seungitna
Tos layu rupana
Kumbang ninggalkeun
Sanggeus meunang seuseungitna

Tong wara nalangsa
Kuring gé réla
Mun anjeun narima
Citresna ieu rasa
Ubar salira nu keur lara

Ibarat kembang nu ligar di taman
Seungit nyambuang awun awunan
Jadi pujaan diantara kumbang
Kumbang nu kasmaran loba nu kabandang

Ayeuna kembang geus layu
Teu aya nu maliré deui
Daunna tos ngarangrangan
Marurag marurag jadi kalakay

Karunya pisan
Duh nasib kembang
Tos ilang seungitna
Tos layu rupana
Kumbang ninggalkeun
Sanggeus meunang seuseungitna

Tong wara nalangsa
Kuring gé réla
Mun anjeun narima
Citresna ieu rasa


Ubar salira nu keur lara




0 Response to "Lirik Lagu Ibarat Kembang - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts