Lirik Lagu Kanjut Kundang - Darso


Gudar gedor beurang peuting
Banting tulang néangan duit
Ngala kakap meunangna teri
Hasil minus tekor waé

Hayang geura ka balé nyungcung
Bibiritik eutik-eutik
Boro-boro duit ngumpul
Nu aya béak ku mahugi

Anu dikeupeul kacokot-kacokot
Anu dikantong kabetot-kabetot
Anu disimpen kacéot-kacéot
Kanjut kundang ludes kaporot

Hayang geura beunghar
Ka dukun jeung paranormal
Boro-boro hasil
Kuring nutug tigejebur

Hayang meunang parawan
Randa gé nyararingkir
Hayang ka nu bahénol
Nu péot gé mararikir

Kahayang saluhur langit
Ari hirup morat marit
Kuring kapépét
Nu nyampak diembat

Gudar gedor beurang peuting
Banting tulang néangan duit
Ngala kakap meunangna teri
Hasil minus tekor waé

Hayang geura ka balé nyungcung
Bibiritik eutik-eutik
Boro-boro duit ngumpul
Nu aya beak kumahugi

Anu dikeupeul kacokot-kacokot
Anu dikantong kabetot-kabetot
Anu disimpen kacéot-kacéot
Kanjut kundang ludes kaporot

Hayang geura beunghar
Ka dukun jeung paranormal
Boro-boro hasil
Kuring nutug tigejebur

Hayang meunang parawan
Randa gé nyararingkir
Hayang ka nu bahenol
Nu péot gé mararikir

Kahayang saluhur langit
Ari hirup morat marit
Kuring kapépét
Nu nyampak diembat

Hayang geura beunghar
Ka dukun jeung paranormal
Boro-boro hasil
Kuring nutug tigejebur

Hayang meunang parawan
Randa gé nyararingkir
Hayang ka nu bahenol
Nu péot gé mararikir

Kahayang saluhur langit
Ari hirup morat marit
Kuring kapépét
Nu nyampak diembat




0 Response to "Lirik Lagu Kanjut Kundang - Darso"

Post a Comment

Popular Posts