Lirik Lagu Lamunan - Yayan Jatnika

Daun kalapa nu oyag katebak angin
Siga gupayna kawas gupayna
Nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal
Dina lamunan

Mun seug manehna kiwari aya gigireun
Meureunan hate moal tagiwur 
Dirungrum gandrung
Atuh kamana naha dimana
Ukur ngolebat dina lamunan
dina lamunan

Unggal tempat tos dipapay manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa dijugjug waleh teu aya
Kembang kembang katresan nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna nyeungitan lamunan

0 Response to "Lirik Lagu Lamunan - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts