Lirik Lagu Kamelang - Yayan Jatnika


Kamelang pinuh ku rasa hariwang
Hariwang pinuh ku rasa salempang
Sok inggis ka asih anu geus ngancik
Kagoda pindah asih kanu lian

Mun beurang sok mindeng kokolébatan
Ngolébat dina jero panglamunan
Sok sieun kadeudeuh anu geus pageuh
Ngolémbar pindah asih kanu lian

Tali asih anu geus ngancik na ati
Katresna nu mangkak jeroeun dada
Urang riksa ku duaan
Urang siram ku duaan
Sangkan manjang cinta urang salalamina

Lain teu percaya ka salira duh jungjunan
Lain ku cangcaya ka salira
Tapi bongan rasa kahariwang
Bongan rasa kasalempang
Sok sieun pindah asih kanu lian

Kamelang pinuh ku rasa hariwang
Hariwang pinuh ku rasa salempang
Sok inggis ka asih anu geus ngancik
Kagoda pindah asih kanu lian

Mun beurang sok mindeng kokolébatan
Ngolébat dina jero pang lamunan
Sok sieun kadeudeuh anu geus pageuh
Ngolémbar pindah asih kanu lian

Tali asih anu geus ngancik na ati
Katresna nu mangkak jeroeun dada
Urang riksa ku duaan
Urang siram ku duaan
Sangkan manjang cinta urang salalamina

Lain teu percaya ka salira duh jungjunan
Lain ku cangcaya ka salira
Tapi bongan rasa kahariwang
Bongan rasa kasalempang
Sok sieun pindah asih kanu lian

Lain teu percaya ka salira duh jungjunan
Lain ku cangcaya ka salira
Tapi bongan rasa kahariwang
Bongan rasa kasalempang
Sok sieun pindah asih kanu lian




0 Response to "Lirik Lagu Kamelang - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts