Lirik Lagu Linglung - Yayan Jatnika


Ibarat kuring keur ngangkleung
Kabawa caah nu tarik
Dibuntang banting séokna cai
Dimana teuing nyangsangna

Leungiteun kuring leungiteun
Bingung rawéleun keur muntang
Rénghap napas pangwéla
Ngawagu ku laku lampah

Tuk tek waktu ngalagu
Nguriling jeung pasti

Keueung duh keueung 
Lamun nempo ka pagéto
Na mana pibekeleun balik

Hirup ukur ngagulang gapér dosa
Balabuh di sagara nista
Gusti cimata sumerah diri
Cipruk ninyuh karumasaan

Abdi gusti nyanggakeun sagalana

Ibarat kuring keur ngangkleung
Kabawa caah nu tarik
Dibuntang banting séokna cai
Dimana teuing nyangsangna

Leungiteun kuring leungiteun
Bingung rawéleun keur muntang
Rénghap napas pangwéla
Ngawagu ku laku lampah

Tuk tek waktu ngalagu
Nguriling jeung pasti

Keueung duh keueung 
Lamun nempo ka pagéto
Na mana pibekeleun balik

Hirup ukur ngagulang gapér dosa
Balabuh di sagara nista
Gusti cimata sumerah diri
Cipruk ninyuh karumasaan

Abdi gusti nyanggakeun sagalana




0 Response to "Lirik Lagu Linglung - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts