Lirik Lagu Demi Anjeun - Darso


Demi anjeun diri kuring moal mungkir
Demi anjeun diri kuring moal moal jalir
Ulah rék hariwang
Ulah rék salempang
Hate kuring moal arék luncat mulang

Demi anjeung tékad kuring moal tilar
Demi anjeung hasrat kuring moal pudar
Moal arék rucah
Moal rék awuntah
Éstu kuring ka anjeun rék mikanyaah

Geulis do'akeun akang
Akang seja ngalalana
Ngumbara ka tanah sabrang
Mugia pinanggih bagja

Wayahna geulis wayahna
Rék ditinggalkeun ku akang
Lain akang rék sulaya
Tapi demi cinta urang
Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarima
Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah

Demi anjeun tékad kuring moal tilar
Demi anjeun hasrat kuring moal pudar
Moal arék rucah
Moal rék awuntah
Éstu kuring ka anjeun rék mikanyaah

Geuli do'akeun akang
Akang seja ngalalana
Ngumbara ka tanah sabrang
Mugia pinanggih bagja

Wayahna geulis wayahna
Rék ditinggalkeun ku akang
Lain akang rék sulaya
Tapi demi cinta urang
Wayahna geulis wayahna
Wayahna sing tumarima
Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah

Ka gusti urang sumerah
Mugia aya barokah




0 Response to "Lirik Lagu Demi Anjeun - Darso"

Post a Comment

Popular Posts