Lirik Lagu Ilang - Yayan Jatnika


Leungit kahariwang dina diri
Musnah karémpan sagala rasa
Anjeun megat motong
Tali tresna ka manéhna
Kiwari anjeun nyorangan

Lain teu hayang marengan anjeun
Dalah kuring geus aya nu boga
Na kudu kumaha duriat manteng ka anjeun
Pikir terus ngukuntit
Mémang henteu salawasna cinta kudu dipiboga

Inggis batan maut hinis
Rémpan batan mesat lobang
Sok sieun kagelok nu lian

Anjeun jeung kuring sarua
Pada pada boga rasa
Rasa nu disidem waktu harita
Kacinta mo ilang ilang

Lain teu hayang marengan anjeun
Dalah kuring geus aya nu boga
Na kudu kumaha duriat manteng ka anjeun
Pikir terus ngukuntit
Mémang henteu salawasna cinta kudu dipiboga

Inggis batan maut hinis
Rémpan batan mesat lobang
Sok sieun kagelok nu lian

Anjeun jeung kuring sarua
Pada pada boga rasa
Rasa nu disidem waktu harita
Kacinta mo ilang ilang
Kacinta mo ilang ilang




0 Response to "Lirik Lagu Ilang - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts