Lirik Lagu Halangan Diri - Darso


Na kunaon sagala rupa
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha naha kunaon

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meni panjang
Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngénténgkeunana
Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngabébaskeunna

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Haté anu merik hate nu ngajerit
kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa ngiwat
Ampun ampun duh Gusti

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meni panjang
Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngénténgkeunana
Aduh Gusti aduh Gusti


Kumaha ngabébaskena




0 Response to "Lirik Lagu Halangan Diri - Darso"

Post a Comment

Popular Posts