Lirik Lagu Pukah - Yayan Jatnika


Satadina sugan téh moal rék cidra
Boro betah mikanyaah mikacinta
Ka manéhna kuring geus asa miboga
Gening asih téh lain nu kuring
Katresna gancang luncatna
Milih nu lian

Diri kuring ibarat cukang wahangan
Dipaké meuntas pikeun nyorang paniatan
Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
Peurih asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung
Ngalanglayung

Anjeun datang deui
sanggeus meunang kanyeri
Tapi haté teu narima
kanyeri asa can bari
Bongan anjeun téga
ngulinkeun rasa kacinta

Asih nu mimiti
pukah teu puguh salah
pegat beurat duriat
anjeun mah jongjon mihéman

Diri kuring ibarat cukang wahangan
Dipaké meuntas pikeun nyorang paniatan
Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
Peurih asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung
Ngalanglayung

Anjeun datang deui
sanggeus meunang kanyeri
Tapi haté teu narima
kanyeri asa can bari
Bongan anjeun téga
ngulinkeun rasa kacinta

Asih nu mimiti
pukah teu puguh salah
pegat beurat duriat
anjeun mah jongjon mihéman




0 Response to "Lirik Lagu Pukah - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts