Lirik Lagu Dahlia Bungur - Darso


Ti palalangon Eulis
Natrat ngembat urat katineung
Lebah kembang dahlia
Duaan urang sidéngdang
Didinya mangkat subaya

Di Cipayung urang lawung
Imutna nirug jajantung
Gentréng anteng
Emutna kaliwat langkung
Gandrung wuyung kapilarung

Geulis dahlia bungur
Kiwari meuhpeuy kadeudeuh
Di taman tresna nu liuh anteng
Urang nyawalakeun tineung

Énjing urang silih siraman ku kawih
Siang urang silih siraman ku tembang
Sonten urang silih siraman ku gentem
Gentem kadeudeuh nu maneuh

Di Cipayung urang lawung
Imutna nirug jajantung
Gentréng anteng
Émutna kaliwat langkung
Gandrung wuyung kapilarung

Geulis dahlia bungur
Kiwari meuhpeuy kadeudeuh
Di taman tresna nu liuh anteng
Urang nyawalakeun tineung

Énjing urang silih siraman ku kawih
Siang urang silih siraman ku tembang
Sonten urang silih siraman ku gentem
Gentem kadeudeuh nu maneuh




0 Response to "Lirik Lagu Dahlia Bungur - Darso"

Post a Comment

Popular Posts