Lirik Lagu Karang Hawu - Darso


Ngapak méga ngumbar harepan
Anteng ocon na lamunan
Ngolébat anjeun kabayang
Ngahudang carita lawas

Geugeut nyacapkeun kaasih
Silih simbeuh ku kadeudeuh
Saksi ombak nyarèblokan
Di basisir Karang Hawu

Duka dimana
Anjeun ayeuna dimana
Lawas urang teu patepang
Haté tetep mikamelang

Kedah kamana
Bingung seja milarina
Mun diparengkeun paamprok
Dipiboga salamina

Jangji urang di basisir Karang Hawu
Paheut euntreup meni geugeut
Lir ibarat keusik laut bodas nyacas
Akhirna duka dimana

Ngapak méga ngumbar harepan
Anteng ocon na lamunan
Ngolébat anjeun kabayang
Ngahudang carita lawas

Geugeut nyacapkeun kaasih
Silih simbeuh ku kadeudeuh
Saksi ombak nyaréblokan
Di basisir Karang Hawu

Duka dimana
Anjeun ayeuna dimana
Lawas urang teu patepang
Haté tetep mikamelang

Kedah kamana
Bingung seja milarina
Mun diparengkeun paamprok
Dipiboga salamina

Jangji urang di basisir Karang Hawu
Paheut euntreup meni geugeut
Lir ibarat keusik laut bodas nyacas
Akhirna duka dimana




0 Response to "Lirik Lagu Karang Hawu - Darso"

Post a Comment

Popular Posts