Lirik Lagu Saliwat - Yayan Jatnika


Tepangna ukur saliwat naha bet aya duriat
Rasa cinta ka manéhna ngagedur na jero rasa
Tepangna ukur sarérét naha bet haté nyérédét
Meureun ieu namina cinta anugrah tinu kawasa

Silih asih silih asuh
Duriat nu urang patali dina pasini

Paanteur julang nu dianteur milu mulang
Lamun paanggang kasono sok kumalayang
Paanteur julang nu dianteur milu mulang
Najan saliwat nu pageuh tali duriat

Tepangna ukur sarérét naha bet haté nyérédét
Meureun ieu namina cinta anugrah tinu kawasa

Silih asih silih asuh
Duriat nu urang patali dina pasini

Paanteur julang nu dianteur milu mulang
Lamun paanggang kasono sok kumalayang
Paanteur julang nu dianteur milu mulang
Najan saliwat nu pageuh tali duriat

Paanteur julang nu dianteur milu mulang
Lamun paanggang kasono sok kumalayang
Paanteur julang nu dianteur milu mulang
Najan saliwat nu pageuh tali duriat




0 Response to "Lirik Lagu Saliwat - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts