Lirik Lagu Balébat - Darso


Tuh balébat geuning geus katembong caang
Ngalangkangan carita nu maksa datang
Ieu haté teu beunang di sisilihkeun
Bet tibelat ku anjeun aduh jungjunan

Kembang asih nu mangkak ligar na ati
Bodas nyacas gambaran harepan suci
Ngan hanjakal cinta urang kahalangan
Teu narima lamun kudu pepegatan

Teu wasa mun téa kudu papisah
Geus kapalang deudeuh
Haté geus kapalang nyaah
Teu wasa mun kudu nelasan rasa
Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna

Saéstuna diri teu bisa kumaha
Sabab tangtu baris aya mamalana
Tapi haté hésé di ubaranana
Da rumasa boga rasa nyanding cinta

Teu wasa mun téa kudu papisah
Geus kapalang deudeuh
Haté geus kapalang nyaah

Teu wasa mun kudu nelasan rasa
Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna

Teu wasa mun kudu nelasan rasa


Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna




0 Response to "Lirik Lagu Balébat - Darso"

Post a Comment

Popular Posts