Lirik Lagu Na Kunaon - Yayan Jatnika


Bongan anjeun dianggap méré harepan
Rék narima cinta kuring saayana
Mun seug pareng ngahiji ngarumah tangga
Harta banda moal rék jadi mamala

Tapi naha ayeuna robah carita
Pédah éta lila dibawa sangsara
Mémang enya ayeuna geus kanyataan
Ku sérabna dunya cinta gé awut awutan

Na kunaon anjeun bet jadi robah pikiran
Na teu émut jangji munggaran
Teungteuingeun anjeun téga megatkeun harepan
Batin ceurik balilihan

Tapi naha ayeuna robah carita
Pédah éta lila dibawa sangsara
Mémang enya ayeuna geus kanyataan
Ku sérabna dunya cinta gé awut awutan

Na kunaon anjeun bet jadi robah pikiran
Na teu émut jangji munggaran
Teungteuingeun anjeun téga megatkeun harepan
Batin ceurik balilihan

Na kunaon anjeun bet jadi robah pikiran
Na teu émut jangji munggaran
Teungteuingeun anjeun téga megatkeun harepan
Batin ceurik balilihan




0 Response to "Lirik Lagu Na Kunaon - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts