Lirik Lagu Keukeureuweut - Yayan Jatnika


Oneng nyangka ka kuring buaya
Néng Nolis nu geulis matrialistis
Meunang deui meunang deui
Nyi A'ah sugan nu ieu mah nya'ah

Tapi teu meunang ku kolotna
Pédah kuring sakieu buktina
Cenah kuring tukang mélét
Dari pada mélét awéwé
Mendingan néangan gawé

Nyi A'ah
Sakitu nyai nu manteng
Atuh akang ogé keyeng
Akang gé keyeng
Cenah kudu kanu titél
Tapi nyai nu teu montél
Nu aya ukur kajéngkél
Tugenah lahir jeung batin
Gening sok ngaluhuran pangéran
Mun seug meunangkeun ka akang
Sangsara nu bakal datang
Nu bakal datang

Keukeureuweut keukeureuweut
Da bongana éta lambey meni kareueut
Keukeureuweut keukeureuweut
Nyi A'ah uteuk akang jadi rieut

Oneng nyangka ka kuring buaya
Néng Nolis nu geulis matrialistis
Meunang deui meunang deui
Nyi A'ah sugan nu ieu mah nya'ah

Tapi teu meunang ku kolotna
Pédah kuring sakieu buktina
Cenah kuring tukang mélét
Dari pada mélét awéwé
Ah Mending néangan gawé

Nyi A'ah
Sakitu nyai nu manteng
Atuh akang ogé keyeng
Akang gé keyeng
Cenah kudu kanu titél
Tapi nyai nu teu montél
Nu aya ukur kajéngkél
Tugenah lahir jeung batin
Gening sok ngaluhuran pangéran
Mun seug meunangkeun ka akang
Sangsara nu bakal datang
Nu bakal datang

Keukeureuweut keukeureuweut
Da bongana gaduh lambey meni kareueut
Keukeureuweut keukeureuweut
Nyi A'ah uteuk akang jadi rieut

Nyi A'ah uteuk akang jadi rieut




0 Response to "Lirik Lagu Keukeureuweut - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts