Lirik Lagu Dadali Manting - Darso


Dadali manting tipeuting
Ngalayang kakalayangan
Néangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana

Dadali manting tipeuting
Ngalayang ka pileumburan
Haté bingung kapigandrung
Nu ilang kawas nu pundung

Mémang bongana manéhna
Kacida rasa mokaha
Kaduhung sagedé gunung
Kumaha nya pilampaheun

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadengé deui sorana
Boa boa boa boa
Tapi palias teuing

Dadali manting tipeuting
Ngalayang ka pileumburan
Haté bingung kapigandrung
Nu ilang kawas nu pundung

Mémang bongana manehna
Kacida rasa mokaha
Kaduhung sagedé gunung
Kumaha nya pilampaheun

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadengé deui sorana
Boa boa boa boa
Tapi palias teuing

Dadali manting tipeuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu lawas ilang


Baturna duka kamana




0 Response to "Lirik Lagu Dadali Manting - Darso"

Post a Comment

Popular Posts