Lirik Lagu Bulan Nyeungseurikeun - Darso


Kunaon teu di jauhan
Godaan kalah di keukeupan
Ngadon maén api
Ngarajut cinta nu pamali

Maén rasa jeung maén haté
Salingkuh karasa éndah
Pikiran kapoékan
Haté jiga kaparabunan

Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaléor karebut
Cinta saliwat

Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tinggal panon ci reumbay
Ngan nyurucud teu katahan

Bulan ulah ngaléos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri
Anu nyiksa ngahanteum batin

Béré bongbolong
Béré awahan
Kumaha ngubaran
Peurihna haté

Maén rasa jeung maén haté
Salingkuh karasa éndah
Pikiran kapoékan
Hate jiga kaparabunan

Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaléor karebut
Cinta saliwat

Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tinggal panon ci reumbay
Ngan nyurucud teu katahan

Bulan ulah ngaléos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri
Anu nyiksa ngahanteum batin

Béré bongbolong
Béré awahan
Kumaha ngubaran
Peurihna haté




0 Response to "Lirik Lagu Bulan Nyeungseurikeun - Darso"

Post a Comment

Popular Posts