Lirik Lagu Kasuat Suat - Yayan Jatnika


Kamari kuring paamprok jeung papacangan baheula
Jorojoy émut pasini asa hayang balik deui
Hanjakal hanjakal pisan salira paduduaan
Sangkaan moal nyalahan anjeun téh geus réréndéngan

Kaduhung bati kaduhung
Kaduhung kuring patepung
Lamun rék nambah kabingung
Leuwih hadé tong patepung

Kasuat kasuat deui
Nambah peurih kana ati
Kapok mun kasorang deui
Leuwih nyiksa kana diri

Hanjakal hanjakal pisan salira paduduaan
Sangkaan moal nyalahan anjeun téh geus réréndéngan

Kaduhung bati kaduhung
Kaduhung kuring patepung
Lamun rék nambah kabingung
Leuwih hadé tong patepung

Kasuat kasuat deui
Nambah peurih kana ati
Kapok mun kasorang deui
Leuwih nyiksa kana diri

Kaduhung bati kaduhung
Kaduhung kuring patepung
Lamun rék nambah kabingung
Leuwih hadé tong patepung

Kasuat kasuat deui
Nambah peurih kana ati
Kapok mun kasorang deui
Leuwih nyiksa kana diri

Kaduhung bati kaduhung
Kaduhung kuring patepung
Lamun rék nambah kabingung
Leuwih hadé tong patepung

Kasuat kasuat deui
Nambah peurih kana ati
Kapok mun kasorang deui
Leuwih nyiksa kana diri




0 Response to "Lirik Lagu Kasuat Suat - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts