Lirik Lagu Demi Kabogoh - Yayan Jatnika


Sanajan luhur puncak gunung
Legana biru sagara
Panas mentrang panon poé
Demi kabogoh mah réla

Sanajan hujan dor dar gelap
Angin puyuh keur lilimbungan
Moal keueung jeung moal mundur
Moal miris ku panas tiris

Demi kabogoh
Luhurna gunung rék dijajah ditaékan
Kanggo kabogoh
Ombak sagara rék dijugjug diparahuan

Demi kabogoh
Najan dordar gelap ngabélaan huhujanan
Kanggo kabogoh
Najan kabulusan cadu mundur rék didagoan
Nu penting mah bisa apél ka kabogoh

Sanajan luhur puncak gunung
Legana biru sagara
Panas mentrangna panon poé
Demi kabogoh mah réla

Sanajan luhur puncak gunung
Legana biru sagara
Panas mentrang panon poé
Demi kabogoh mah réla

Sanajan hujan dor dar gelap
Angin puyuh keur lilimbungan
Moal keueung jeung moal mundur
Moal miris ku panas tiris

Demi kabogoh
Luhurna gunung rék dijajah ditaékan
Kanggo kabogoh
Ombak sagara rék dijugjug diparahuan

Demi kabogoh
Najan dordar gelap ngabélaan huhujanan
Kanggo kabogoh
Najan kabulusan cadu mundur rék didagoan
Nu penting mah bisa apél ka kabogoh

Demi kabogoh
Luhurna gunung rék dijajah ditaékan
Kanggo kabogoh
Ombak sagara rék dijugjug diparahuan

Demi kabogoh
Najan dor dar gelap ngabélaan huhujanan
Kanggo kabogoh
Najan kabulusan cadu mundur rék didagoan
Nu penting mah bisa apél ka kabogoh

Sanajan luhur puncak gunung
Legana biru sagara
Panas mentrang panon poé
Demi kabogoh mah réla




0 Response to "Lirik Lagu Demi Kabogoh - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts