Lirik Lagu Ayun Ambing - Darso


Deungkleung déngdék anaking jimat awaking
Geura bobo cu panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI

Deungkleung déngdék anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep énggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weléh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Haté mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti urang sumerah diri

Kieu buktina
Kedah kieu nasibna

Deungkleung déngdék anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep énggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weuleh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Haté mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti urang sumerah diri

Kieu buktina
Kedah kieu nasibna

Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri




0 Response to "Lirik Lagu Ayun Ambing - Darso"

Post a Comment

Popular Posts