Lirik Lagu Nasib (Calung Koplo) - Yayan Jatnika

Dua haté geus pacantél geter jantung atos nyambung
Panangan silih cepengan duh bagja pisan
Rumasa kuring duaan tos paheut jangji saati
Cepang rasa bakal lana katresna bakal ngancikna

Tangkal kawung luhur gunung geus lila henteu buahan
Sok inggis katresna ilang kedal jangji teu ngajadi
Kihujan tangkal kihujan daunna geus ngarangrangan
Sok inggis bilih ku bisi pangharepan teu kahontal

Duh nasib diri kuring teu weléh meunang kanyeri
Iraha bakal senangna rék panggih kasugemaan

0 Response to "Lirik Lagu Nasib (Calung Koplo) - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts