Lirik Lagu Batrawali - Darso


Hariwang nu geulis midangdam
Ka irut jajaka gandang
Geutah ngeclak keur balangah
Mupus raray kasucian

Poék ku nikmatna cinta
Marengan cahya keur hibar
Pamikirna bakal rék satuhu
Jajaka nu dipicinta

Kutan nu jadi panutan
Ninggalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikandung
Teu dosa bet di tandasa

Poék ku nikmatna cinta
Marengan cahya keur hibar
Pamikirna bakal rék satuhu
Jajaka nu dipicinta

Kutan nu jadi panutan
Ninggalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikandung
Teu dosa bet di tandasa

Kutan nu jadi panutan
Ninggalkeun taya laratan
Batrawali nya pait nya peuheur
Meulit ka batin nu geulis
Palangsiang nu dikandung
Teu dosa bet di tandasa




0 Response to "Lirik Lagu Batrawali - Darso"

Post a Comment

Popular Posts