Lirik Lagu Pati Lalaki - Hendy Restu


Hiji raga ngababatang
Di handapeun méga malang
Di tandasa di kakaya katelengesan
Éh katelengesan

Nu saéstu éta jalma
Enggeus lila ngadon lunta
Nyiar nafkah keur turunan jeung pamajikan
Éh jeung pamajikan

Deudeuh teuing lalaki
Ngalungsar ku raja pati
Taya pisan anu béla miasih kana ragana
Éh kana ragana

Harianeun deungeun - deungeun
Téga temen teungteuingeun
Nganiaya bébéakan kamalinaan
Éh kamalinaan

Harianeun deungeun - deungeun
Téga temen teungteuingeun
Nganiaya bébéakan kamalinaan
Éh kamalinaan

Deudeuh teuing lalaki
Ngalungsar ku raja pati
Taya pisan anu béla miasih kana ragana
Éh kana ragana

Harianeun deungeun-deungeun
Téga temen teungteuingeun
Nganiaya bébéakan kamalinaan
Éh kamalinaan




0 Response to "Lirik Lagu Pati Lalaki - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts