Lirik Lagu Euis - Yayan Jatnika


Namina Rahma wedalan Garut
Absari Tanjung Kamuning
Geulis campernik lireup rameswari
Nu midang ti kahiyangan

Pameunteu marahmay manis
Kulitna héjo carulang
Bagja meunangkeun anjeuna

Duuuh
Disinjang léréng Garutan
Dicindung kembang bodasan
Da mémang anjeuna ti pasantrian

Duuuh
Lungguh timpuh nurug cupu
Langgéor seungit malati
Dipigarwa nonoman sanding

Gandeuang istri saléha
Raksukan batik Garutan

Geulis campernik lireup rameswari
Nu midang ti kahiyangan

Pameunteu marahmay manis
Kulitna héjo carulang
Bagja meunangkeun anjeuna

Duuuh
Disinjang léréng Garutan
Dicindung kembang bodasan
Da mémang anjeuna ti pasantrian

Duuuh
Lungguh timpuh nurug cupu
Langgéor seungit malati
Dipigarwa nonoman sanding

Gandeuang istri saléha
Raksukan batik Garutan




0 Response to "Lirik Lagu Euis - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts