Lirik Lagu Méga Hideung (Calung) - Darso


Basa bulan nu sapasi keur nyaangan
Buntut méga ting arungkuy ngajauhan
Béntang rapag ngan ukur tambah ngaréwong
Teu wasa nyieun lalakon

Wakca pisan manéhna datang ka imah
Unjuk salam neruskeun turun ka ranjang
Batan kinkin mikiran nu lawas ilang
Mending nyambung duduluran

Tapi basa bulan mabra
Méga hideung megat datang ngahalangan
Kiceup béntang bet jiga nu ngaracunan
Nu ilang cunduk dadakan

Basa bulan nu sapasi keur nyaangan
Buntut méga ting arungkuy ngajauhan
Béntang rapag ngan ukur tambah ngaréwong
Teu wasa nyieun lalakon

Jeung manéhna sétra kuring sakocoran
Taya pédah nu bisa megatkeun rasa
Tanda tanya na pikir pagaléwota
Teu nyaho kudu kumaha

Tapi basa bulan mabra
Méga hideung megat datang ngahalangan
Kiceup béntang bet jiga nu ngaracunan
Nu ilang cunduk dadakan

Jeung manéhna sétra kuring sakocoran
Taya pédah nu bisa megatkeun rasa
Tanda tanya na pikir pagaléwota
Teu nyaho kudu kumaha




0 Response to "Lirik Lagu Méga Hideung (Calung) - Darso"

Post a Comment

Popular Posts