Lirik Lagu Kunaon - Yayan Jatnika


Ku asa héran asa teu gugur teu angin
Ku asa héran henteu puguh mimitina
Ngadak ngadak anjeun ménta pepegatan
Na kunaon aya naon

Cinta nu urang duaan
Cenah moal kagoda ku jaman
Tapi kiwari anjeun ménta pepegatan
Tapi kiwari anjeun ménta pipisahan
Na kunaon aya naon

Salempay sutra kénging ngarénda
Di sulam kembang katresna
Tawis kacinta waktos harita
Deudeuh teuing jadi saksina tunggara
Geulis geulis geulis
Teu nanaon upami kitu hoyongna
Geulis geulis geulis
Teu nanaon upami kieu kedahna

Ku asa héran asa teu gugur teu angin
Ku asa héran henteu puguh mimitina
Ngadak ngadak anjeun ménta pipisahan
Na kunaon aya naon

Cinta nu urang duaan
Cenah moal kagoda ku jaman
Tapi kiwari anjeun ménta pepegatan
Tapi kiwari anjeun ménta pipisahan
Na kunaon aya naon

Salempay sutra kénging ngarénda
Di sulam kembang katresna
Tawis kacinta waktos harita
Deudeuh teuing jadi saksina tunggara
Geulis geulis geulis
Teu nanaon upami kitu hoyongna
Geulis geulis geulis
Teu nanaon upami kieu kedahna




0 Response to "Lirik Lagu Kunaon - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts