Lirik Lagu Demi Kembang Cinta - Darso


Jauh jarak ka langit
Ngeplakna banyu lautan
Luhur sagedé gunung
Di jugjug jeung di jungjung

Srangéngé keur moncorong
Mentrangna panas bayeungyang
Sanajan hujan angin
Maju terus pantrang mundur

Beurang ganti peuting
Peuting ganti beurang
Galih ka jamparing
Kapentang kasmaran

Jauh gé di jugjug
Anggang deuk di téang
Jiwa raga réla
Réla ngabéla rasa

Demi si kembang cinta
Langit luhur sa kahontal
Demi si kembang cinta
Luas lautan rék di ojayan

Demi si kembang cinta
Gunung sa karangkul
Demi si kembang cinta
Beurang peuting ngahariring

Srangéngé keur moncorong
Mentrangna panas bayeungyang
Sanajan hujan angin
Maju terus pantrang mundur

Beurang ganti peuting
Peuting ganti Beurang
Galih ka jamparing
Kapentang kasmaran

Jauh gé di jugjug
Anggang deuk di téang
Jiwa raga réla
Réla ngabéla rasa

Demi si kembang cinta
Langit luhur sa kahontal
Demi si kembang cinta
Luas lautan rék diojayan

Demi si kembang cinta
Gunung sa karangkul
Demi si kembang cinta
Beurang peuting ngahariring

Demi si kembang cinta
Langit luhur sa kahontal
Demi si kembang cinta
Luas lautan rek diojayan

Demi si kembang cinta
Gunung sa karangkul
Demi si kembang cinta


Beurang peuting ngahariring




0 Response to "Lirik Lagu Demi Kembang Cinta - Darso"

Post a Comment

Popular Posts