Lirik Lagu Méga Hideung - Yayan Jatnika


Tuh itu layung siga pundung
Ninggal urang nu teu satujuan
Naha anjeun bisa robah anu geus pasini
Da bongan anjeun nu ménta
Kuring nganteur kahayangna
Anjeun hayang pepegatan

Tuh itu méga ngahalangan
Langit anu rék ngagebray caang
Naha ku teu sangka akhirna geuning bet kieu
Ka cinta urang duaan
Aya nu ngahihileudan
Gogoda éta ka urang

Méga hideung
Ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arék hujan datang

Naha naon anu rék ditéang
Kanyaah kacinta keur urang
Meureun kuring henteu ngalayah ku harta
Ukur banda cinta modal anu boga
Jang salira

Teu ngarti na jero pikirna
Yén harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih nganyahokeun dibutuhkeun cinta
Lain ukur harta

Anjeun béda pilihanna
Nu ditéang gening harta

Tuh itu méga ngahalangan
Langit anu rék ngagebray caang
Naha ku teu sangka akhirna geuning bet kieu
Ka cinta urang duaan
Aya nu ngahihileudan
Gogoda éta ka urang

Méga hideung
Ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arék hujan datang

Naha naon anu rék ditéang
Kanyaah kacinta keur urang
Meureun kuring henteu ngalayah ku harta
Ukur banda cinta modal anu boga
Jang salira

Teu ngarti na jero pikirna
Yén harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih nganyahokeun dibutuhkeun cinta
Lain ukur harta

Anjeun béda pilihanna
Nu ditéang gening harta




0 Response to "Lirik Lagu Méga Hideung - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts