Lirik Lagu Angin Peuting - Yayan Jatnika


Angin peuting pangnepikeun salam kuring
Ka panutan nu taya laratannana
Anu nyantél ayeuna ukur katresna
Ayeuna panutan duka dimana

Angin peuting pangnepikeunn hariring kuring
Ka panutan nu kungsi ngamparna rasa
Katresna ngan ukur kembang tunggara
Ukur potrét salira batur nalangsa

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weléh ngadodoho

Sanajan urang paanggang haté mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah ka gusti urang sumerah diri
Kieu nasibna kedah kieu takdirna

Angin peuting pangnepikeunn hariring kuring
Ka panutan nu kungsi ngamparna rasa
Katresna ngan ukur kembang tunggara
Ukur potrét salira batur nalangsa

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weléh ngadodoho

Sanajan urang paanggang haté mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah ka gusti urang sumerah diri
Kieu nasibna kedah kieu takdirna




0 Response to "Lirik Lagu Angin Peuting - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts