Lirik Lagu Iraha - Yayan Jatnika

Mung ukur jadi impian mapaés lamunan diri
Harepan anu dianti duh iraha rék tinekanan
Mung ukur ngaragap rasa geuningan kieu buktina
Batin ukur tumarima duh nganti asih ti salira

Sok padahal rasa asih jeung kanyaah
Ka anjeun saéstu taya sudana

Iraha atuh iraha
Harepan rasa kacinta wakca ti diri salira
Iraha atuh iraha
Harepan rasa katresna laksana nyanding kabagja
Aduh aduh na iraha rasa kadeudeuh jeung cinta
Rék nampi waleran cinta nu diwakcakeunn salira

0 Response to "Lirik Lagu Iraha - Yayan Jatnika"

Post a Comment

Popular Posts