Lirik Lagu Ukur Kalangkang - Hendy Restu


Munggaran basa urang tepang
Salira jadi émutan
Anggang weléh di téang

Duriat anu lana manjang
Katresna hésé rék ilang
Ngalangkang kabayang-bayang

Kamana salira ayeuna duh jungjunan
Henteu béja taya carita téga
Kamana jangji jeung sumpahna nu harita
Sirna duka kamana

Harepan nu ilang
Nu nyésa ukur kalangkang
Kabawa robahna jaman

Ngaran jeung rupana
Nu anteung ngulinkeun rasa
Panyangka lana rék satia

Duriat anu pégat
Ukur sajorelat

Munggaran basa urang tepang
Salira jadi émutan
Anggang weléh di téang

Duriat anu lana manjang
Katresna hésé rék ilang
Ngalangkang kabayang-bayang

Kamana salira ayeuna duh jungjunan
Henteu béja taya carita téga

Kamana jangji jeung sumpahna
Nu harita sirna duka kamana

Harepan nu ilang
Nu nyésa ukur kalangkang
Kabawa robahna jaman

Ngaran jeung rupana
Nu anteung ngulinkeun rasa
Panyangka lana rék satia

Duriat anu pégat
Ukur sajorélat

Harepan nu ilang
Nu nyésa ukur kalangkang
Kabawa robahna jaman

Ngaran jeung rupana
Nu anteung ngulinkeun rasa
Panyangka lana rék satia

Duriat anu pegat
Ukur sajorélat




0 Response to "Lirik Lagu Ukur Kalangkang - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts