Lirik Lagu Rérét Panungtung - Hendy Restu


Rérét soca panungtung
Nyérédét nurihan haté nu suwung
Naon cukang lantaran
Ayeuna urang pipisahan

Imut maur kanyeri
Cipanon murubut maseuhan pipi
Lisan teu puguh harti
Dareuda beurat nyarita

Padahal lamun balaka
Meureun haté moal tumanya
Sanajan masih ngagantung harepan
Nu wening lalakon urang
Ibarat kembang keur mangkak
Seungitna ngalingkung satungtung ambung

Rérét soca panungtung
Nyérédét nurihan haté nu suwung
Naon cukang lantaran
Ayeuna urang pipisahan

Imut maur kanyeri
Cipanon murubut maseuhan pipi
Lisan teu puguh harti
Dareuda beurat nyarita

Padahal lamun balaka
Meureun haté moal tumanya
Sanajan masih ngagantung harepan
Nu wening lalakon urang
Ibarat kembang keur mangkak
Seungitna ngalingkung satungtung ambung

Padahal lamun balaka
Meureun haté moal tumanya
Sanajan masih ngagantung harepan
Nu wening lalakon urang
Ibarat kembang keur mangkak
Seungitna ngalingkung satungtung ambung




0 Response to "Lirik Lagu Rérét Panungtung - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts