Lirik Lagu Aya Naon - Hendy Restu


Aya naon aya naon
Kalangkang anjeun némbongan
Ngolébat ngagupai rasa
Lir nu rék mawa tanggara

Padahal geus lami ilang
Sirna pupus na pikiran
Carita baheula urang
Keur bareng nguntun katresna

Aya naon aya naon
Ngalangkang teu daék ilang
Napel anteng na pikiran
Teu beunang di papalérkeun

Boa boa nu kasawang
Anjeun nandangan tunggara
Tapi dalah di kumaha
Diri geus aya nu boga

Lain henteu ngapiati
Lain udar tali asih
Ngan urang geus lain deui
Hampura sanés teu surti

Lir kaca peupeus ti beubeut
Hésé ngahijina deui
Inggis aya anu raheut
Mun diri midua ati

Aya naon aya naon
Ngalangkang teu daék ilang
Napel anteng na pikiran
Teu beunang di papalerkeun

Boa boa nu kasawang
Anjeun nandangan tunggara
Tapi dalah di kumaha
Diri geus aya nu boga

Lain henteu ngapiati
Lain udar tali asih
Ngan urang geus lain deui
Hampura sanés teu surti

Lir kaca peupeus ti beubeut
Hésé ngahijina deui
Inggis aya anu raheut
Mun diri midua ati




0 Response to "Lirik Lagu Aya Naon - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts