Lirik Lagu Lalakon Hirup - Hendy Restu


Mawa diri dina nyorang kahirupan
Naha pinuh ku gogoda
Kana ati peurih
Asa bingung pipikiran
Gustiii nu agung
Neda pitulung

Asa anéh mikiran polah manusa
Komo boga rasa ngéwa
Hayang puas haté
Ngakalan satékah polah
Najan tugenah
Diri sumerah

Cenah hirup didunya ukur tunggara
Asal pageuh gumantung kanu kawasa
Najan diri nyeri peurih nu karasa
Lahaola ka gusti urang nga du'a

Tumarima kana qadar nu kawasa
Anu murbéng alam dunya
Najan pikir linglung
Muntang éling kanu agung
Moal cangcaya
bakal laksana

Cenah hirup didunya ukur tunggara
Asal pageuh gumantung kanu kawasa
Najan diri nyeri peurih nu karasa
Lahaola ka gusti urang nga du'a

Mawa diri dina nyorang kahirupan
Naha pinuh ku gogoda
Kana ati peurih
Asa bingung pipikiran
Gusti nu agung
Neda pitulung




0 Response to "Lirik Lagu Lalakon Hirup - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts