Lirik Lagu Sireum Hideung - Bah Dadeng


Sireum hideung
Nu ngasrék mareuntas cadas
Témbong aya nu dijugjug
Cenah rék manjangkeun hirup

Sireum hideung
Marapay na beulah batu
Katindihan régang haur
Témbongna teu walakaya

Sireum hideung
Ngaraleut aleut-aleutan
Néangan keur pamuntangan
Néangan panyalindungan

Sireum hideung 
Ngaraleut aleut-aleutan
Néangan keur pamuntangan
Néangan panyalindungan

Sasat ménta pangakuan
Geusan hirup hurip walatra
Sasat ménta pangakuan
Geusan hirup hurip walatra

Sireum hideung
Marapay na beulah batu
Katindihan régang haur
Témbongna teu walakaya

Sireum hideung
Ngaraleut aleut-aleutan
Néangan keur pamuntangan
Néangan panyalindungan

Sireum hideung 
Ngaraleut aleut-aleutan
Néangan keur pamuntangan
Néangan panyalindungan

Sasat ménta pangakuan
Geusan hirup hurip walatra
Sasat ménta pangakuan
Geusan hirup hurip walatra




0 Response to "Lirik Lagu Sireum Hideung - Bah Dadeng"

Post a Comment

Popular Posts