Lirik Lagu Kuta Waringin - Darso


Kuta Waringin
Kuta panyawangan kuring
Kuta Waringin
Kuta pangantrian kuring

Di Kuta Waringin
Mekarna asih munggaran
Di Kuta Waringin
Nyantélna réma kahéman

Méga bodas ngasrat béngras matak waas
Sawah ngeplak paréna sumedeng beukah
Gondol piit rabeng pada nyiar pakan
Anu geulis ge nepungan
Némbongkeun kasatiaan

Kuta Waringin nu jadi ciri mimiti
Kuta Waringin nu jadi saksi saati
Di Kuta Waringin sapasang japati midang
Midang miang ti sarakan
Guguara ngababakan

Kuta Waringin
Kuta panyawangan kuring
Kuta Waringin
Kuta pangantrian kuring

Di Kuta Waringin
Mekarna asih munggaran
Di Kuta Waringin
Nyantélna réma kahéman

Méga bodas ngasrat béngras matak waas
Sawah ngeplak paréna sumedeng beukah
Gondol piit rabeng pada nyiar pakan
Anu geulis ge nepungan
Némbongkeun kasatiaan

Kuta Waringin nu jadi ciri mimiti
Kuta Waringin nu jadi saksi saati
Di Kuta Waringin sapasang japati midang
Midang miang ti sarakan
Guguara ngababakan

Kuta Waringin nu jadi ciri mimiti
Kuta Waringin nu jadi saksi saati
Di Kuta Waringin sapasang japati midang
Midang miang ti sarakan
Guguara ngababakan

Kuta Waringin
Kuta panyawangan kuring
Kuta Waringin
Kuta pangantrian kuring

Di Kuta Waringin
Mekarna asih munggaran
Di Kuta Waringin
Nyantélna réma kahéman




0 Response to "Lirik Lagu Kuta Waringin - Darso"

Post a Comment

Popular Posts