Lirik Lagu Dua Rasa - Hendy Restu


Basa nu ngawitan
Urang tepang nu munggaran
Asa ku teu sangka
Bakal aya rasa kakaitan

Padahal harita
Saeutik gé teu rumasa
Ngadadak kagoda
Ninggal imut jeung kileurna soca

Hanjakal tepung téh ukur harita
Salira amitan mulang tiheula

Katresna nu manjang
Antara urang jeung urang
Meungkeut dua rasa
Ngagalura dina dada

Sok sanajan urang
Kapisah jarak paanggang
Mang kade mihapé
Sing matri pageuh na ati
Meungkeutkeun duriat urang duaan

Basa nu ngawitan
Urang tepang nu munggaran
Asa ku teu sangka
Bakal aya rasa kakaitan

Padahal harita
Saeutik ge teu rumasa
Ngadadak kagoda
Ninggal imut jeung kileurna soca

Hanjakal tepung teh ukur harita
Salira amitan mulang tiheula

Katresna nu manjang
Antara urang jeung urang
Meungkeut dua rasa
Ngagalura dina dada

Sok sanajan urang
Kapisah jarak paanggang
Mang kade mihape
Sing matri pageuh na ati
Meungkeutkeun duriat urang duaan




0 Response to "Lirik Lagu Dua Rasa - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts