Lirik Lagu Aisan Indung - Bah Dadeng


Ridho pangampura Gusti
Aya ridho ti indung bapa
Sujud syukur ka Gustina
Punjung indung nu lami ngakandung
Ku kersa mantenna gubrag ka alam dunya
Lahir na lahunan indung bapa

Diri diaping dijaring
Diapik ditalingakeun
Raga dijaga diriksa
Dirawat dipulasara
Karasa asihna karasa nya’ahna
Karasa bagjana nu dibikeun

Aisan asihna moal rék leupas ku mangsa
Hamo arék kasilih wanci
Aisan asihna moal rék pegat ku jaga
Manjang manteng hamo teu kahalang

Gusti Kedah kumaha abdi
Mulangkeun aisan asih nu indung
Gusti kedah kumaha abdi
Nu teu daya jeung nu teu upaya

Ya Alloh pikaasih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna
Ya Alloh pikaasih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna

Diri diaping dijaring
Diapit ditalingakeun
Raga dijaga diriksa
Dirawat dipulasara
Karasa asihna karasa nyaahna
Karasa bagjana nu dibikeun

Aisan asihna moal rék leupas ku mangsa
Hamo arék kasilih wanci
Aisan asihna moal rék pegat ku jaga
Manjang manteng hamo teu kahalang

Gusti Kedah kumaha abdi
Mulangkeun aisan asih nu indung
Gusti kedah kumaha abdi
Nu teu daya jeung nu teu upaya

Ya Alloh pikaasih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna
Ya Alloh pikaasih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna

Gusti Kedah kumaha abdi
Mulangkeun aisan asih nu indung
Gusti kedah kumaha abdi
Nu teu daya jeung nu teu upaya

Ya Alloh pikaasih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna
Ya Alloh pikaasih aranjeunna


Sapertos miasih abdi taya pegatna




0 Response to "Lirik Lagu Aisan Indung - Bah Dadeng"

Post a Comment

Popular Posts