Lirik Lagu Keueung - Hendy Restu


Duh gening kieu jadina
Diri asa kasiksa
Taya régang pikeun muntang
Nyorangan
Cuang cieung haté keueung
Keueung

Layung beureum belah kulon
Jajap surya rék miang
Amitan ninggalkeun beurang
Ku harianeun
Moékan haté nu simpé
Ku teungteuingeun

Bareng jeung datangna peuting nu jempling
Cipanon ngeclak marengan
Du'a nu jadi harepan
Lah ukur harepan

Namprakkeun dua panangan
Ya Robbi mundut sagala ridhona
Sangkan hirup jeung huripna
Lah reujeung huripna

Layung beureum belah kulon
Jajap surya rék miang
Amitan ninggalkeun beurang
Ku harianeun
Moékan haté nu simpé
Ku teungteuingeun

Bareng jeung datangna peuting nu jempling
Cipanon ngeclak marengan
Du'a nu jadi harepan
Lah ukur harepan

Namprakkeun dua panangan
Ya Robbi mundut sagala ridhona
Sangkan hirup jeung huripna
Lah reujeung huripna




0 Response to "Lirik Lagu Keueung - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts