Lirik Lagu Béntang Kabeurangan - Hendy Restu


Geulis béntang nyongcolang
Ngalangkung na wanci coréngcang tihang
Pangawakan jangkung lenjang
Na haté jol kabandang

Geulis nu méncrang pisan
Béntang kabeurangan
Ngageuing galura cinta
Mukakeun jandéla rasa

Duh saha namina
Duh na urang mana
Duh sorot socana
Duh éta imutna

Antukna ngagulung kapanasaran
Da bongan geus nyantél dina pikiran
Urang téang peuting isukan
Sugan wéh teu nyumput tukangeun bulan

Geulis nu méncrang pisan
Béntang kabeurangan
Ngageuing galura cinta
Mukakeun jandéla rasa

Duh saha namina
Duh na urang mana
Duh sorot socana
Duh éta imutna

Antukna ngagulung kapanasaran
Da bongan geus nyantél dina pikiran
Urang téang peuting isukan
Sugan wéh teu nyumput tukangeun bulan





0 Response to "Lirik Lagu Béntang Kabeurangan - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts