Lirik Lagu Buniwangi - Hendy Restu


Lebah pisan na tanjakan
Kuring leumpang ngan sorangan
Rék néang hiji kahayang
Sugan waé tinekanan

Lembur singkur luhur gunung
Tempat kuring sujud syukur
Didieu kuring tafakur
Muntang tulung kanu Agung

Nu katelah Buniwangi
Lembur éndah matak betah
Kampung kampung Buniwangi
Rahayatna ramah tamah

Didieu neundeun carita
Miguraan ieu rasa
Cur cor cai na ngagenyas
Eh ku wararaas

Duh gusti nu murbéng alam
Muga muka lawang bagja
Pikeun kuring tumarima
Tumamprak ka nu kawasa

Lembur singkur luhur gunung
Tempat kuring sujud syukur
Didieu kuring tafakur
Muntang tulung kanu agung

Nu ka telah Buniwangi
Lembur éndah matak betah
Kampung kampung Buniwangi
Rahayatna ramah tamah

Didieu neundeun carita
Miguraan ieu rasa
Cur cor cai na ngagenyas
Eh ku wararaas

Duh gusti nu murbéng alam
Muga muka lawang bagja
Pikeun kuring tumarima
Tumamprak ka nu kawasa




0 Response to "Lirik Lagu Buniwangi - Hendy Restu"

Post a Comment

Popular Posts