Lirik Lagu Cireumis - Bah Dadeng


Masih kénéh aya
Nu nyalangkrung cireumis kamari
Nu témbong na pucuk eurih
Tapak ibun janari

Masih kénéh aya
Nu can leungit asih anu muhit
Nu remen kaseuit seuit
Na pucuk ati

Naha ieu haté hésé rék patebih
Moal beunang rék ka silih
Najan aya gagantina

Lain rék ngabéda béda
Tapi dalah anu bukti
Nu témbong ngan ukur nu indit
Lami mulih dipundut Yang widi

Ukur kari tutunggul
Ubar tilam ka éling
Ukur jajap pangdu'a
Mugi aya pangampura gusti

Masih kénéh aya
Nu can leungit asih anu muhit
Nu remeun kaseuit seuit
Na pucuk ati

Naha ieu haté hésé rék patebih
Noal beunang rék ka silih
Najan aya gagantina

Lain rék ngabéda béda
Tapi dalah anu bukti
Nu tembong ngan ukur nu indit
Lami dipundut Yang Widi

Ukur kari tutunggul
Ubar tilam ka eling
Ukur jajap pangdu'a
Mugi aya pangampura gusti




0 Response to "Lirik Lagu Cireumis - Bah Dadeng"

Post a Comment

Popular Posts